Kuring Lahir di Garut ping 7 April1972, mimiti sakolala di SDN Banjarsari, teras ka SMPN Bayongbong. Satutasna ti SMP kuring hijrah ngalalana ka kota Kembang pikeun nyuprih kaweruh ngeunaan kasenian, kuring ditampa dijurusan tari padahal kahayang mah harita teh ka karawitan pedah aya Nano S nu sok asup Tipi. Tapi teu kitu gening da singhoreng di Tari pisan kuring mimiti temu jeung jati diri kahirupan nu sabenerna. Kuring bisa diajar kahiripan , tepa saliralamun geus diajar teater tur kuring bisa ngawirahma irama kahirupan pama geus diajar karawitan. Puji syukur kanu agung ku kersana nepi ka ayeun kuring masih eksis dina tari malah mah ayeuna geus mimiti di pake ku pamarentah Kabupaten Garut, sababaraha garapan geus di dedikasikaeun ka urang garut, diantarana :

  1. Hari Jadi Garut nu ka194 n.k. 196
  2. Duta Budaya ka TMII ” Dramatari Galih Pakuan “
  3. Kiwari kuring mimiti kontemplasi keur HJG nu bakal datang