Latest Entries »

ArcaniA: GothiC 4 DemO AvailablE NoW.

Pun sapun kanu agung ,Ka Gusti NU Maha Suci Pun Sapun kanu Agung Ka Gusti Nu Maha Suci, Jisim Abdi seja midu’a midu’a kasalematan, muga ieu tinejaan langsar lungsur nu diteda, lulus banglus nu di punut.

Ka Gusti Nu maha Wenang, wenang keun abdi ngetrukeun eusi pikir, ngabudal rongkahna karsa, sinangkan murwa sagala rasa, nyinglar sadaya tipu daya, nu datang ti belah kulon, oge tibeh wetan nu kirana ngaruksak kasaimbangan pawenangan.

Teu pisan -pisan Kuring mah ngan hayang nepikeun petetan,wangkongan ( sinewaka ), Tatakrama, Undak Usuk jeung lamun tea mah hariring urang geus teu nincak dina pirig tur dangding, suling kuring sok ngadak ngadak silung teu ngawirahma, ngawirasa, jeung ngawiraga sukma.

Kuring oge sok kadang mujangga,ngabaladah sastrana sunda, nyutat warni katut warna kahuripan, atawa ngacacangkeun prosa pama kasinugrah ku ilham nu datang kana rohang tafakur nu teufikir, sabab kadang bahasa seni mah maen rumpak tata basa da memeng kitu kayaanana.

kuring oge hayang babagi ngeunaan Koreografi, hiji elmu nu ngabahas ngeunaan ibing, talungtikan cerdas numuka garba widang gerak ( psikomotorik ) mijadi kaweruh ilmiah ( kognisi ) kucara- cara teoritis- sistematis, praktis-kontemplatif. ah sigana mah kalobaan teuing kahayang teh. tapai ceuk rarasaan mah wajar da kuring mah keur di ajar henteu kurang ajar. ( Thegoenasgar )